21.7.11

SAUMPAMANA PAGAWE RAKYAT (ANU DIGAJIH MAKE KESANG RAKYAT) ARARIMAN part 3

pasti moal aya nu mempersulit anu rek uubar ka rumah

sakit make kartu miskin (jamkesmas). bisi telat

ngaubaran. bisi telat penanganan. bisi kaburu maot.
memang bisa neang alesan yen kondisi teu memungkinkan

jang salamet. kulawargana bisa diakalan lah.
tapi lamun si pasen jaga, di akherat, menta tanggung

jawab manehna . rek kumaha? da Gusti mah nyileuk

salawasna. manehna moal bisa lumpat kamamana. ditungtut

hareupeun sakabeh umat manusa. moal mungkin nyumput

buni dinu caang.

tapi ah hanjakal mah sok datang pandeuri..

saumpama pagawe rahayat arariman ka Gusti, pasti

gusat-gesut menangani pasen. moal dilila-lila. sabab

euweuh nu nyaho raratan umur jelema.

bisi kaduhung

SAUMPAMANA PAGAWE RAKYAT (ANU DIGAJIH MAKE KESANG RAKYAT) ARARIMAN part 2

pasti moal aya nu sare tibra lantaran di unggal jalan

barolong. bisi dina hiji waktu aya jalma nyungseb

nabrak logak nepika maotna. sieun dipenta tanggung

jawab diakherat kabeh amal kahadean manehana

dipindahkeun ku Pangeran ka jelema anu terdolimi.

manehna bangkrut. asup ka naraka.

tapi ah hanjakal mah sok datang pandeuri..

saumpama pagawe rahayat arariman ka Gusti, unggal usik

manehna mapayan jalan. buru-buru ngabunian/nambal anu

barolong. bisi aya nu cilaka. bisi manehna kasusahan

jaga

saumpamana bae...

SAUMPAMANA PAGAWE RAKYAT (ANU DIGAJIH MAKE KESANG RAKYAT) ARARIMAN part 1

pasti moal aya nu sare tibra lantaran di unggal juru masih loba rahayat anu imahna teu leuwih hade ti KANDANG DOMBA. manehna bakal ngarasa kagagas. sieun lamun jelema anu nyicingan (punten) kandang domba ngarasa diantep, didoliman ku manehna. sieun di akherat kabeh amal kahadean manehana dipindahkeun ku Pangeran ka jelema anu terdolimi. manehna bangkrut. asup ka naraka.

tapi ah hanjakal mah sok datang pandeuri..

saumpama pagawe rahayat arariman ka Gusti, unggal usik manehna mapayan gang neang anu kasusahan

saumpamana bae...