17.10.06

AMIT-AMIT IH, BATUR MAH NEANG LAILATUR QODAR, ARI IEU....LAILATUL QORTING !



Rupa-rupa memang kalakuan jelema. Teu puas ku kahirupan dunya jadi salah sahiji anu kacida katembongna sanajan........bulan puasa. Pek geura tingali, beuki nyered tanggal kana lilikuran lain kalah saredih. Ceurik rek ditinggalkeun ku Bulan Romadon, Bulan anu urang bisa ngageber amal urang, sakumna dosa dihampura, pahala dihempek-hempek ku Alloh SWT jrrd. anu intina mah kacida rugina urang ditinggalkeun ku kakasih Romadon. Boa panggih deui boa moal. Urang teu boga jaminan tahun hareup deuk kumaha. Paripolah jelema ngadon saruka bungah. Anu teu kaharti, dina malem lilikuran teh jelema lain minuhan masjid, paboro-boro neang Lailatul Qodar Anu saur Alloh SWT, lamun urang ibadah di eta peuting bakal sarua jeung ibadah salila 1000 bulan alias 83/84 taun !!! Emh, kacida. Batur mah pagegelek di masjid neangan Lailatul Qodar, Na ari ieu pagegelek di Mol-mol, pusat balanja ngahaja ngadon neangan.........LAILATUL QORTING !!! kacida !