6.9.06

ALIT KENEH MAH TONG SOK NGAROKO........BILIH MODAR!



Saumur urang hirup mindeng pisan manggihan barudak anu dibawah umur (parameter umurna di bawah 17 tahun, da di Islam mah euweuh penggolongan anu kieu. Di islam mah ngan aya Baligh jeung can Baligh) anu garaya. Leutik-leutik geus tingpelenyun udud. Asa panglalakina we. Majar teh nu teu ngaroko mah siga banci. Padahal mun seug menyempatkan waktu ameng ka Jalan Sumatra atanapi Jalan Tera, nyaeta atuh, nu loba ngaroko teh lain lalaki anu sajati melainkan........BANCI alias BENCONG alias BETI! Jadi kasimpulanana, Nu sok ngaroko mah BANCI lain lalaki sajati. Justru nu teu ngaroko mah lalaki nu leuwih sajati. Naon sababna? Sabab, manehna daek ngajaga diri tina hal-hal anu bakal ngarugikeun dirina. Numutkeun panalungtikan, sakabeh bagian roko teh ngandung RACUN. Ti mimiti filter nepi ka eusina KABEHANANA RACUN. Roko menduduki posisi atas nu ngabalukarkeun loba jalma anu maraot. Pek we tingali di koran atawa internet. Jadi, urang mah rada hariwang mun ningali budak leutik keneh ngararoko teh, hariwang..........MODAR! Sedengkeun generasi muda teh harapan bangsa. Bisa-bisa generasi muda urang beak paraeh ku alatan roko.

4 comments:

  1. heueuh sina modar weh barudak gaul teh.... bisi ngke kadituna beuki ngaruksak...


    *punten ah

    ReplyDelete
  2. hahahaha...satujuuuu

    gelut sorangan-sorangan ge teu wanieun ayeuna mah.

    ReplyDelete
  3. Anonymous3:56 PM

    setuju gan...ngerokok sebenernya adalah kegiatan infestasi racun untuk dalam tubuh jadi ngapain ngerokok mending liat2 cewe..ehehheheh

    ReplyDelete
  4. hahahahaha... tong poho mawa sangu nya... pingpingna pan geus pabalatak

    ReplyDelete