11.12.06

Nyontek

NYONTEK...CIRI JELEMA EUWEUH KABEGUG JEUNG TEU PEDE-AN

NYontek....ceuk salah saurang ustadz mangrupakeun gambaran KEMUNAFIKAN seseorang terhadap dirinya sendiri. Kieu-kieu ge aing sok ngaji jeung ustadz. Sanajan, ari kecap anjing jeung goblog mah nerap keneh. Kumaha atuh da nya.....eu.....da ngeunaheun. He...he...Ternyata, seiring perjalanan waktu. Teknologi nyontek alias niron semakin lama semakin berkembang. Berbanding lurus jeung teknologi anu geus ngahasilkeun rupa-rupa parabot anu memudahkan manusia beraktipitas.Yeuh geura urang runut macem-macem cara niron anu sok dipake barudak terutama pas ujian.

- Jaman baheula (SD) :
1. Jangjian di wese tukang mun kaparengan beda kelas
2. neundeun buku catetan di wese
3. paalung-alung kertas
4. Haharewosan alias bisik-bisik tetangga

- Umuran SMP :
1- 4 idem
5. Nuliskeun jawaban di wese. Atuh si tembok wese teh reuteum ku coretan kokod monongeun. Jadi, salian ti tulisan i love yu, titip salam, geng-gengan jrrd, oge nyelap konci jawaban
6. nyelapkeun contekan (mun ayeuna mah nyarebutna teh kope'an) dina kaos kaki, karet luhur sapatu warrior
7. Nuliskeun bahan ujian dina pingping. Barudak awewe tah nu biasa sok kieu teh. Jadi weh...deungdeuleueun.
8. Make Bahasa isarat. Nyepeng ceuli untuk jawaban C, Batuk-batuk untuk jawaban B, Eheum-eheum untuk jawaban A dll
9. Tukeuran jawaban lewat kartu ujian. Biasana mah ditulis di bagian tukangna make pinsil meh bisa dihapus deui.
10. "Menumbalkan" adik kelas. mun kaparengan diukna selang-seling kaselangan adik kelas, biasana eta si adik kelas anu jadi perantara terlaksananya contek-mencontek.Patuker-tuker jawaban lewat manehna.

- Jaman SMA
No 1-10 idem (edan euy, tradisi anu bisa dilestarikeun...)
11. OBE (open buk) alias neundeun buku di kolong meja. GOBLOGna, mun ceuk pengawas sakabeh buku jeung kantong kudu disimpen di depan kelas, BEREWEK teh si buku disoekkeun, tuluy si kertasna disakuan ku manehna
12. Nulis bahan ujian dina kertas salembar, tuluy diPOTOKOPI DIPERKECIL ! EDAAN, BENER-BENER NIAT REK NYONTEKNA TEH. KAJEUN TEUING KALUAR DUIT 200 PERAK MEH CONTEKANNA JADI LEUTIK.
13. Tukeuran lembar jawaban. Malah kadang2 terjadi SISTEM KERJA PAKSA. Yeuh, nu aing pangerjakeun, aing keur peuting lalajo bola, teu kaburu ngapalkeun, kaburu ge MOLOR!

- Kuliahan
No 1- 13 idem
14. SMSan atawa nuliskeun materi dina Hape.
15. Nuliskeun materi menurut bahasanya sendiri, terus eta si tulisan teh diteundeun dina tempat pensil. Si tempat pensil diteundeun dina kantong nu tuluy eta kantong dipangku atawa diteundeun dina luhureun pingping manehna. Atuh mun kaparengan si pengawas atawa dosen lengah, gampang, kari muka kantong, nyerelekkeun sleting tempat pinsil...JAADI deh! Matakna teu heran loba awewe nu marake tas leutik pas kuliah. Maksudna meh nyontekna gampang. Kacipta, mun mamawa carrier atawa rangsel mah, ngadon hararese rek nyontek na ge. Kalahka katingali GOBLOG mamangku kantong sagede telebug. tapi teu kabeh awewe jiga kieu, nyaa nu teu pede bin belegug we nu sok nyontek mah......euweuh kabelul jeung rek nipu diri sorangan. Baraya, karek sakieu perkembangan alias dinamika mencontek anu kaamati ku aing. Aing mah lain rek muna, ngan aing mah rumasa saumur-umur nyunyuhun hulu aing mah can pernah nyontek kecuali meunang rejeki jeung........kapepet he..he..Tapi beneran, mun aya nu haharewosan mah nya didenge we ku aing da barina ge aing mah teu menta. Rejeki deuleu ! Atuh pangalaman mencontek oge ukur sababaraha kali. eta ge keur budak. Ayeuna mah aing tobat ! Nyontek teh ukur nipu diri sorangan. Ari niley aralus, ari uteuk GOBLOG! EUWEUH KANYAHO ! ATUH LULUS UJIAN TEH EUWEUH TAPAKNA DINA UTEUK. ANGGER WE GOBLOG. NU MATAK GEUS LAH TONG NYARONTEK BISI JADI JALMA GOBLOG ! AING MAH NGABEJAAN WE KA SIA, KU SABAB GEUS LOBA BUKTINA YEN JALMA ANU GADAGNA MENCONTEK TEH EUWEUH KABEGUG! OTAKNA TUMPUL ! MUN UJIAN ALUS, MUN TES LISAN AGA-EUGEU TEU BISA NGAJAWAB, KESANG TIIS NGUCUR, NGADEGDEG, MATA GURU/DOSEN ANU NEUTEUP JADI MATA ANU KACIDA PIKASIEUNEUNANA. HOROR. HA..HA..HA..LEBOK SIAH ! BONGANNA NYONTEK ! SAKALI DEUI, AING MAH UKUR NGINGETAN, KARUNYA KA MARANEH. ATUH REK DIDENGE, SUKUR. REK HENTEU, TERSERAH MARANEH. NU JELAS MAH, MUN KEUKEUH NERUSKEUN KABIASAAN NYONTEK...BADE NGAWILUJENGKEUN WEE AH...WILUJENG GOBLOG ! MAKAN TUH NILEY PALSU ! SELAMAT MENJADI MANUSIA PENUH KEPALSUAN ! MANUSIA....TAI!